:

2 Samuel 19

1

Aya anu nguninga ka Yoab, yen Raja Daud damelna nangis bae sasambat ka Absalom.

2

Atuh balad anu keur barungah unggul perang teh hatena ngarareunteut lantaran rajana nangisan putrana.

3

Arasupna ka kota teh mani jempling kawas nu nandang kaera, kawas tas kabur ti medan perang.

4

Ari raja nyindungan raray bari jerat-jerit, "Duh anaking Absalom! Anaking! Absalom! Anaking!"

5

Yoab lebet ka bumi anu dicalikan ku raja, ngahaturanan pituah, "Dinten ieu Gamparan parantos ngawiwirang balad, balad ku anjeun, anu parantos toh pati jiwa raga ngabelaan Gamparan, ngabelaan putra-putra pameget istri, ngabelaan garwa-garwa sareng parekan-parekan Gamparan.

6

Gamparan sarupi anu ngamusuh ka nu sumujud, mikatresna ka nu ngalawan. Tetela Gamparan teh nganggap para kapala teu aya harga, para abdi taya pangaji. Upami kitu tetela, manawi upami dinten ieu abdi sadaya tumpes tiwas, Absalom anu hirup, nembe Gusti suka galih.

7

Mana ayeuna nun Gusti, upahan hate balad-balad. Demi PANGERAN, abdi Gamparan sumpah, upami Gamparan henteu ngupahan hate balad, enjing oge parantos moal aya saurang-urang acan anu kumureb deui ka Gamparan. Upami dugi ka kitu, Gamparan anu cilaka, langkung cilaka ti batan anu parantos karandapan ku Gamparan ti aanom."

8

Neut raja cengkat lajeng kaluar, gek lenggah di lawang nagara. Balad gancang kabejaan yen sang raja teh geuning itu keur lenggah di lawang nagara. Burudul balad daratang ngadareuheusan ka rajana. Harita urang Israil geus kalabur baralik ka saimah-imahna.

9

Geus kitu urang Israil teh di mana-mana recok pada batur, pokna, "Raja Daud teh padahal ngabebaskeun urang ti musuh-musuh. Urang jadi bebas ti urang Pelisti. Ayeuna anjeunna nepi ka lunta ti nagara, nyingkahan Absalom.

10

Urang kalah ka ngangkat Absalom jadi raja. Absalom geus tiwas kasambut perang. Ku naon urang caricing keneh bae, lain buru-buru ngangkir deui Raja Daud, sina gancang mulih ka nagara?"

11

Recokna urang Israil kitu geus aya anu nguningakeun ka Raja Daud. Seug anjeunna ngintun amanat ka Imam Sadok jeung Abyatar, sina nyarios kieu ka kapala-kapala urang Yuda, "Ari maraneh moal waka mulangkeun raja ka karaton? Rek mandeurikeun maneh bae?

12

Na enya maraneh, kulit daki kami sorangan rek pangpandeurina mulangkeun kami ka karaton?"

13

Jeung kieu timbalanana pikeun Amasa, "Andika baraya kami. Ti semet ieu andika ku kami dijieun panglima keur gaganti Yoab. Lamun kami jalir, masing dihukum ku Allah!"

14

Narima timbalan kawas kitu, sumanget maranehna beuki kahudang, tuluy guyub ngirimkeun pihatur ka anjeunna, ngahaturanan mulih saputra garwa.

15

Bral raja angkat seja mulih. Di sisi Walungan Yordan, urang Yuda anu daratang ka Gilgal geus araya mapag, arek meuntaskeun rajana.

16

Waktu eta, Simei bin Gera urang Binyamin oge gura-giru muru ka dinya rek mapagkeun raja,

17

dibarengan ku sarebu jelema urang kaom Binyamin. Kitu deui Siba, gandek ahli Saul tea, eta oge datang jeung anak-anakna lalaki lima belas urang, gandek-gandekna dua puluh urang; datangna ka Walungan Yordan memeh raja sumping.

18

Maranehna geus ka peuntas ditu rek ngaping meuntaskeun raja saputra garwa, bari rek nadah sagala timbalanana. Barang raja bade clak kana eretan, bruk Simei sujud kana taneuh payuneun anjeunna,

19

tuluy unjukan, "Nun Gusti, abdi nyanggakeun samudaya kalepatan nalika Gusti keur ngantunkeun Yerusalem. Hapunten anu kasuhun, mugi ulah jadi kekeling panggalih.

20

Jisim abdi rumaos pisan, kalakuan kapungkur teh kalintang awonna. Ku margi eta danget ieu, ti antawis kaom-kaom palih kaler, abdi anu pangpayunna dumeuheus ka pangersa Gusti."

21

Pok Abisai putra ibu Seruya haturan, "Gusti, ieu Simei kedah dihukum pati, kapungkur nyarekan ka raja lisahan PANGERAN."

22

Saur Daud ka Abisai jeung ka Yoab rakana, "Na kami teh menta nasehat maraneh? Arek mere pisusaheun ka kami? Ieu kami anu jadi raja nyangking Israil. Poe ieu moal aya urang Israil anu baris keuna ku hukum pati!"

23

Ti dinya dawuhanana ka Simei, "Timbalan kami, maneh moal dipaehan."

24

Mepiboset putu Saul oge datang mapagkeun ka raja. Ti barang raja lunta ti Yerusalem nepi ka mulihna deui harita kalawan wilujeng, Mepiboset teh geus tara ngumbah-ngumbah suku, tara ngurud-ngurud janggot, pakeanana teu diseuseuh-seuseuh.

25

Datang-datang ti Yerusalem rek mapag raja, ari gok ku raja tuluy dipariksa, "Bagea Mepiboset! Ku naon bareto teu milu jeung kami?"

26

Ceuk Mepiboset, "Nun Gusti! Kawantos gempor, harita abdi teh ka badega nyuhunkeun dipangnyelaankeun kalde bade nuturkeun Gusti, nanging ku manehna dihianatan.

27

Malah abdi teh diawonkeun ka Gusti. Abdi sadaya-daya pasrah kana pangersa, Gusti nu langkung uninga, kawantos Gusti mah lir malaikat Allah bae.

28

Abdi sadaya, ahli-ahli pun bapa, memang pantes dikeunaan hukum pati ku Gusti. Sangkilang kitu ku Gusti anggur dipaparin nugraha dugi ka diwidian neda satata sareng Gamparan. Jadi kalintang henteu pantesna saupami jisim abdi ayeuna nyuhunkeun deui sih citeres Gamparan."

29

Waler raja, "Perkara eta ulah diomongkeun deui. Timbalan kami ayeuna, eta lahan Saul teh ku hidep parokeun jeung Siba."

30

Mepiboset, "Bade dibantun ku Siba sadayana oge abdi teu kaabotan. Ku ningal Gamparan sumping deui kalayan kawilujengan oge abdi parantos kalintang bagjana."

31

Barsilai urang Gilad tea oge ngahaja datang ka dinya ti Rogelim, rek ngabantu raja meuntas Walungan Yordan.

32

Jelemana geus kacida kolotna, umurna geus dalapan puluh taun. Kacida beungharna. Waktu raja keur di Mahanaim keneh, ku manehna disumbang ku bahan pangan.

33

Raja ngandika ka Barsilai, "Milu bae jeung kaula ka Yerusalem, kaula hayang nyenangkeun."

34

Piunjuk Barsilai, "Abdi hirup teh moal sabaraha lami deui, jadi kanggo naon ngiring ka Gusti ka Yerusalem?

35

Umur abdi parantos dalapan puluh taun, parantos teu tiasa ngabentenkeun senang teu senang, teu tiasa deui ngabentenkeun katedaan anu raos sareng anu teu raos. Kawih raos oge parantos moal tiasa kakuping. Matak ngariridu bae ka salira Gusti.

36

Abdi teu layak nampi pangasih anu sakitu ageungna. Mung seja jajap bae saeutik ka palih ditu saparantos meuntasan ieu walungan.

37

Saparantos eta abdi neda diwidian wangsul, sumeja mapag ajal di lembur, hoyong dipendem di makam karuhun. Mung ieu pun anak, Kimham wastana, widian kumureb ka salira Gusti. Mangga candak, bade dibeureum bade dihideung nyanggakeun kumaha pangersa Gusti."

38

Raja ngandika, "Mangga, ku kaula rek dibawa, rek dijamugakeun sakumaha hadena ceuk pangrasa Aki, jeung lamun Aki aya pamenta naon bae, ku kaula seja ditedunan."

39

Ti dinya Daud sabaladna meuntasan Walungan Yordan. Geus kitu anjeunna ngarangkul ka Barsilai sarta ngadungakeun. Ti dinya Barsilai mulang.

40

Sanggeus meuntas, raja diiring ku sakabeh urang Yuda jeung ku saparo urang Israil, ngabujeng ka Gilgal. Kimham milu.

41

Ti dinya sakabeh urang Israil ngadareuheus ka raja, arunjukan kieu, "Gusti, ku naon dulur-dulur abdi urang Yuda ngarasa gaduh hak mapagkeun sareng ngawal Gusti sakulawargi katut sadaya pangiring meuntasan Walungan Yordan?"

42

Ditembal ku urang Yuda, "Na matak naon, da raja teh baraya kami! Na make arambek ka kami? Kami migawe kitu ka raja, ku raja henteu diparaban henteu diburuhan!"

43

Ceuk urang Israil, "Masing enya ge anjeunna baraya arandika, hak kami ka raja sapuluh kalieun arandika. Nyapirakeun teuing ka kami teh! Padahal kami anu pangheulana boga niat ngangkir raja sina mulih teh!" Tapi urang Yuda ngajawab leuwih sugal ti batan urang Israil.

Link: